BAHASAN BUDAYA (Oleh Sunartin) (Sumber foto: Muslimahdaily.com) A. Wacana Ngeunaan B udaya (adat istiadat) Sunda 1.1 Adat Ngariksa nu Kakandungan Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Adat ngariksa nu kakandungan di Sunda teh raket pisan patalina jeung sistim kapercayaan urang Sunda , anu boga sipat – ceuk Muhtar Lubis dina Manusia Indonesia mah – percaya kana tahayul /bangsa lelembut . Maksud dina ayana adat ngaraksa nu kakandungan teh nya eta pikeun ngajaga nu kakandungan dina pangaruh jahat para lelembut atawa dedemit sarta pangaruh goreng tina kakuatan alam disabudeureunana nu miboga sipat gaib. Tarekah pikeun ngajaga eta dilakukeun ku rupa-rupa cara saperti: N gayakeun salametan atawa sidekah . M ekelan nu kakandungan ku barang-barang anu diyakinan miboga kakuatan tolak bala atawa salaku jimat . M erhatikeun tur ngajaga supaya nu kakandungan teu ngalanggar pantrangan karuhun. Pikeun nu ...