BAHASAN BUDAYA

(Oleh Sunartin)

(Sumber foto: Muslimahdaily.com)

 

A.    Wacana Ngeunaan Budaya (adat istiadat)  Sunda

1.1  Adat Ngariksa nu Kakandungan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Adat ngariksa nu kakandungan di Sunda teh raket pisan patalina jeung sistim kapercayaan urang Sunda, anu boga sipat – ceuk Muhtar Lubis dina Manusia Indonesia mah – percaya kana tahayul/bangsa lelembut. Maksud dina ayana adat ngaraksa nu kakandungan teh nya eta pikeun ngajaga nu kakandungan dina pangaruh jahat para lelembut atawa dedemit sarta pangaruh goreng tina kakuatan alam disabudeureunana nu miboga sipat gaib. Tarekah pikeun ngajaga eta dilakukeun ku rupa-rupa cara saperti:

  1. Ngayakeun salametan atawa sidekah.
  2. Mekelan nu kakandungan ku barang-barang anu diyakinan miboga kakuatan tolak bala atawa salaku jimat.
  3. Merhatikeun tur ngajaga supaya nu kakandungan teu ngalanggar pantrangan karuhun.

Pikeun nu mimiti pisan mah biasana kolotna nu sok merhatikeun teh, beda jeung nu geus dua atawa tilu kali biasana ku sorangan. Ieu hal dumasar pangalaman, biasana ari anu kakara pisan kakandungan mah sok loba kasieun, komo kolotna mah, hariwangeun pisan ningali budakna anu léléngkah halu kénéh dina hal ngariksa janin.

Ti mimiti kakandungan nepi ka kandungan umurna dua bulan biasa disebut ngandeg atawa nyiram. Sanggeus umur kandungan tilu bulan diayakeun salametan tilu bulanan. Pikeun rereana jalma salametan tilu bulanana cukup ku ngabubur beureum ngabubur bodas nu mangrupa inti atawa sarat nu kudu aya dina salametan numutkeun adat kabiasaan karuhun. Salian ti ngabubur beureum ngabubur bodas teh, pikeun jalma boga mah biasana sok dibarengan ku tumpeng.

Sarengsena salametan tilu bulanana diayakeun deui salametan dina mangsa umur kandungan 5, 7, 9 bulan. Pokona kudu ngayakeun tiap itungan ganjil. Dina salametan kadua kalina diayakeun hajat bangsal. Bangsal anu diwadahan ku bokor sarta di luhurna ditutupan ku daun waluh. Maksud dina kecap bangsal sacara metonomis mirip kecap bengsal (sial). Sedengkeun kecap waluh sacara metonomis ngaharib-harib kana kecap waluya. Jadi maksud utama ayana hajat bangsal teh nya eta ngaleungitkeun sagala kasialan sarta diganti ku kawaluyaan.

Salametan anu katilu kalina diayakeun dina waktu kandungan geus 7 bulan nu mangrupa salametan panggedena diantara 4 salametan. Salametan ieu pada nyarebut tingkeban atawa babarik (Ciamis), babarit (Majalengka). Saprak tingkeban urusan ngajaga nu kakandungan jadi tanggungjawab paraji. Tingkeban teh mangrupa salametan nu kakandungan nu pangceuyahna diantara upacara-upacara sejenna, ditilik tina lobana proses upacara jeung reana sarat anu kudu dicumponan. Waktu umur kandungan 9 bulan diayakeun salametan anu kaopat kalina. Ieu salametan teh disebut lolos jeung sidekah lampu. Lolos (dahareun nu dijieun tina tipung beas digulaan make santen tur dibungkus ku daun cau) nyaeta ngandung maksud supaya dina waktu ngalahirkeun, orok bisa kaluar kalayan lancar jeung salamet, sedengkeun lampu miboga maksud supaya orok nu dilahirkeun miboga hate nu caang. Lampu nu dipake biasana lampu cempor atawa lampu tempel.

Paraji mimiti mere pituduh ka kulawarga nu kakandungan pikeun tatahar nyiapkeun rupa-rupa ramuan nu mangrupa sisikian, akar-akaran, dadaunan, jeung beubeutian nu tangtu. Biasana umur kandungan salapan bulan teh sok disebut bulan alaeun. Beda deui mun umur kandungan teu normal (leuwih ti salapan bulan biasana sok pada nyebut kakandungan mundingeun).

Aya istilah husus pikeun nu kakandungan dina prosesna.

  1. Kakandungan sabulan disebut ngaherang, hartina kandungan masih kaciri herang sarta wujudna disebut alaqah.
  2. Kakandungan dua bulan disebut lumenggang, hartina geus kentel sanajan transparan keneh (ngalangkang) sarta wujudna disebut kasafah.
  3. Kakandungan tilu bulan disebut kumambang, hartina geus mengkel jeung buleud, wujudna pada nyebut nutfah.
  4. Kakandungan opat bulan disebut gumulung hartina geus padet tur buleud wujudna disebut amarulah.
  5. Kakandungan lima bulan disebut ngarupa/mangrupa nu hartina geus kaciri bungkeuleukanana.
  6. Kakandungan genep bulan disebut usik hartina janin geus karasa usik.
  7. Kakandungan tujuh bulan disebut malik hartina posisina geus bisa malik.
  8. Kakandungan dalapan bulan disebut kumentar-kumentir hartina geus neangan jalan kaluar.
  9. Kakandungan salapan bulan disebut ngaruang-ruang hartina geus aya di jalan kaluar.
  10. Asup bulan kasapuluh orok dibabarkeun,.

Teu kurang ti 31 pantarangan pikeun nu keur kakandungan diantarana; teu meunang sare teu make bantal sabab bisa nyusahkeun waktu ngalahirkeun; teu meunang diuk dina lawang panto sabab bisa-bisa hese ngalahirkeun (biasana disebut ngalong); teu meunang ngadahar kulub endog sabab jaga anakna bisa-bisa bisul di sirah; teu meunang ngadahar ganas sabab bisa-bisa anakna jaga boga panyakit koreng; teu meunang ngasaan angeun langsung dina sendok sabab bisa-bisa anakna goreng, jeung sajabana.

Lian ti ayana pantrangan pikeun nu kakandungan (pihak awewe), aya oge pantrangan pikeun salakina diantarana; teu meunang peupeuncitan; teu meunang nyiksa sasatoan; teu meunang nguseup; teu meunang ngadu hayam, teu meunang ngadu domba jrrd. Tur jalma lian ge teu meunang nying perasaan jalma kakandungan. Salaki pamajikan mun kapaksa kudu migawe nu dipantrang alusna kudu ngucapkeun kalimah samodel “ utun inji hayu urang motongan hayam, tapi kade ulah sapotong-potongna lamun lain potongeunana”

[édit] Sumber Rujukan

  • Ayip Rosidi spk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.

 

 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerpen "Jingga di Pantai Minajaya"