CARITA WAYANG
(Sumber Foto: Kompasiana.com)
2.1 MIKAWANOH
WAYANG
Wayang nya éta sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai
nu diibaratkeun anu dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana, jsté.
Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan jeung sindén
(KUBS, 1995: 561).
Wayang nya éta hiji wangun seni
pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis
jeung réa-réa deui (Pasha, 2011: 17). Pranowo nétélakeun; “wayang nya éta
salasahiji wangun téater tradisional nu pangbuhunna” (2011: 1). Sedeng
numutkeun Ruhaliah, wayang téh asal
kecapna tina wa jeung hyang. Wa nya éta wadah, hyang nya éta
déwa (2002: 52).
Dina abad ka-4, jalma-jalma nu
ngagem agama Hindu datang ka Indonésia, utamana para padagang. Dina éta
kasempetan urang Hindu mawa ajaran kitab Wéda jeung carita épos/épic India nya
éta Mahabarata jeung Ramayana dina basa Sanskrit (Sanskerta). Abad ka 9, muncul
carita dina basa Jawa kuna dina wangun kakawén nu nyindek kana carita
Mahabarata atawa Ramayana. Contona Arjunawiwaha karangan Empu Kanwa,
Bharatayuda karangan Empu Sédah jeung Empu Panuluh, Kresnayana karangan Empu
Triguna, Gatotkaca Sraya karangan Empu Panuluh, jrrd (Pranowo, 2011: 4)
Wayang
nu aya di Pasundan téh asalna ti Jawa. Salmun (1942: 1) sapamadegan jeung
Hazeu, yén wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana
mah mémang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India. Cirina
upamana nyebutkeun lalampahan di nagara Astina, Wirata, Madura, Amarta, jsté.
Lian ti éta, mébérna kelir, hurungna balincong, ngabaralangna dalang,
haleuangna Nyi Juru sekar/sindén, agemna tatabeuhan, jeung ngigelkeunana
wayang.
Salasahiji tempat mimiti mekarna
seni wayang Golék di Pasundan nya éta Cirebon dina mangsa Sunan Gunung Jati
(1479-1568) nyekel kakawasaan pamaréntahan. Wayang nu mekar di Cirebon harita
nya éta wayang Golék Papak/Cepak nu dimangpaatkeun pikeun da’wah Islam. Cenah
baheula minangka mayarna téh nya éta maca dua kalimah syahadat. Carita nu
dilalakonkeunana nya éta Amir Hamzah (Suryana, 2002: 74-75).
Wayang Golék ti Cirebon beuki
lila beuki jauh asupna ka Priangan atawa tatar Pasundan. Nu bisa ngadalang
beuki réa lantaran kajurung ku resep. Ti harita wayang Golék mimiti punjul
dipikaresep ku urang Sunda, lantaran jaba ti beunang ditanggap nya ti beurang,
nya ti peuting téh. Bangunna ogé leuwih mijalma, lantaran sasatna awak sakujur
teu béda ti jelema maké kedok, nu teu témbong téh ngan ti semet cangkéng ka
handap, tapi lantaran disampingan, jadi asa aya baé awak bagian ka handapna téh
(Salmun, 1942: 9).
Salian ti wayang Golék, wayang di Pasundan nu kungsi aya téh nya éta wayang Lilingong, kitu gé ayeuna mah pohara arangna. Baheula kungsi aya wayang Lilingong téh di Pacet (Cianjur), taun 1932. Wayang Lilingong téh arék cara wayang Golék baé, tapi pohara daraponna kawas anu sakadaék baé ngarékana. Ngaran-ngaranna ogé béda jeung wayang Purwa. Tatabeuhanana pohara basajanna, upama dibandingkeun jeung tatabeuhan (saléndro) dina Golék, nepi ka jiga anu dapon araya soraan baé dina pagelaranana téh. Lalakonna di antarana Mupu Kembang jeung Jambatan Beusi.
2.2 MIKAWERUH
CARITA JEUNG ISTILAH BAGIAN PAGELARAN WAYANG
Carita wayang téh nya éta carita
nu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Ari nu jadi babon (sumber) carita
wayang téh nya éta carita Mahabarata
jeung Ramayana, anu umurna éta dua
carita téh leuwih ti 2000 taun.
Carita Mahabarata téh dianggit atawa dikarang
ku Wiyasa. Panjangna 200.000 jajar atawa 100.000 sloka. Dina Mahabarata, palaku utama anu nyekel
kaadilan téh nya éta palaputra Pandawa.
Sedeng pihak musuhna nya éta palaputra Kurawa.
Anapon carita Ramayana mah dianggitna téh ku Walmiki. Panjangna 48.000 jajar atawa 24.000
sloka. Dina carita Ramayana mah
palaku utamana téh Batara Rama,
sedeng musuhna téh nya éta Prabu Rahwana
atawa Dasamuka.
Kasenian
wayang golék diwangun ku dalang, juru
kawih (sindén), juru gending (nayaga), jeung ilaharna ditambahan ku juru alok. Dina pagelaran wayang golék,
dalang téh minangka lulugu atawa pupuhu nu mingpin prakna pagelaran. Dalang nu
ngigelkeun wayang, ngalalakonkeun caritana, nembangkeun kakawén, ngalaksanakeun murwa,
nyandra, katut nyoarakeun antawacana.
Di
handap pedaran ringkes istilah-istilah pagelaran wayang nu disebutkeun di
luhur:
Kakawén = Tembang dalang dina pagelaran wayang
golék. Ngagunakeun basa Kawi nu
eusina mangrupa déskripsi gambaran kaayaan adegan nu dicaritakeun
Murwa = Kekecapan bubuka dalang sabada
kakawén. Ilaharna ku basa Kawi, ngan
Lobaogé
nu maké basa Sunda. Diucapkeun bari dipirig ku gamelan nu
hawar-hawar
Nyandra = Prolog
dalang sabada murwa. Eusina ngagambarkeun kaayaan tempat,
déskripsi
dedeg-pangadeg, kagagahan, dangdosan, sipat, watek, atawa tabéat
hiji tokoh,bari dipirig ku gamelan nu sorana hawar-hawar
Antawacana =
paguneman atawa dialog antar
tokoh wayang. Katapisan dalang
marigelkeunantawacana
jadi ukuran penting kapercékaan hiji dalang.
Sabab, nalika dalangngalaksanakeun antawacana, sora hiji
tokoh wayang
jeung
tokoh séjénna téhkudu pisan kadéngé bédana, jeung dalang kudu bisa
nyirikeun ciri khas unggal tokohna séwang-séwangan.
2.3 RINGKESAN
CARITA MAHABARATA
PANDAWA JEUNG KURAWA
Prabu Pandu Déwanata téh hiji raja ti
karajaan Astina. Anjeuna boga putra
lima sadulur anu baris katelah Pandawa
Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim.
Éta Pandawa Lima ti nu panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa. Yudistira boga ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya éta Puntadewa, Bima ngaran leutikna nya éta Séna,
Arjuna ngaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten, jeung Sadéwa
nu boga ngaran leutikna Tangsen
dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.
Hanjakal
Pandu Déwanata tilar keur ngora kénéh, sarta barudakna masih laleutik. Alatan
barudakna tacan bisa nyarekel kadali pamaréntahan pikeun ngaheuyeuk dayeuh
ngolah nagara karajaan Astinapura, korsi pamaréntahan pikeun saheulaan
dipasrahkeun ka Déstarata salaku
lanceuk Pandu Déwanata. Jaga lamun palaputra Pandawa Lima geus sawawa, mangka
Astinapura baris dipasrahkeun ka aranjeuna salaku pawaris hak tahta anu sah.
Déstarata téh
pisikna teu sampurna, dua panonna teu ningali alias lolong. Salian ti éta,
pamadeganana kurang kuat, gampang robah, gampang dihasut tur gampang diolo ku
barudakna anu jumlahna saratus, katelah palaputra Kurawa. Ampir sakum palaputra Kurawa miboga watek goréng kayaning,
hasud, sirik-pidik, sarakah, tukang bohong, tukang fitnah, jeung lian-lianna.
Rencana
pamasrahan tahta Astinapura ka palaputra Pandawa putra Pandu kahalang ku Déwi Gandari salaku pamajikan Déstarata
jeung salaku indung palaputra Kurawa. Déwi Gandari satekah polah lumaku kumaha
carana sangkan tahta Astinapura téh jaga teu ragrag ka palaputra Pandawa salaku
pawaris sah, tapi ragrag ka pihak Kurawa salaku palaputra manéhna. Ambisi Déwi
Gandari dirojong ku adina nu ngaranna Harya
Suman nu katelahna Patih Sangkuni,
hiji patih di karajaan Astinapura. Patih Sangkuni boga pikiran yén sangkan
tahta Astinapura bisa dicekel ku pihak Kurawa, mangka Pandawa Lima kudu
disingkirkeun ti Karajan Astinapura.
Ti
baheulana, Pandawa Lima sok leuwih punjul ti batan Kurawa. Boh tina kaparigelan
maénkeun pakarang, kapunjulan kapribadian, tur élmu pangaweruh boh kabatinan
atawa kanagaraan. Hal ieu ngalatarankeun mumusuhan di antara maranéhna leuwih
ngebebela. Puntadéwa atawa Yudistira unggul dina widang sastra jeung
kanagaraan, Bima punjul dina widang maénkeun gada, Arjuna punjul dina widang
manah jeung élmu perang, sedeng Nakula-Sadéwa sanajan can sawawa punjul dina
prilaku jeung kapribadian.
Bima nu
dedeg pangadegna jangkung badag tur bedas tanagana, mindeng kelibet masalah
jeung pihak Kurawa. Duryudhana jeung
adina Dursasana ti pihak Kurawa
pernah digampleng ku Bima alatan maranéhna nyieun gara-gara ka pihak Pandawa.
Sok sanajan digulung dirempug dikoroyok ku duaan, tapi dina éta tarung téh
angger Bima nu unggul. Ti harita Bima sok jadi sasaran kaceuceub-kageuleuh
pihak Kurawa.
Hiji
waktu, Bima nu pohara rampus daharna dibéré racun ku Kurawa dina kadaharannana.
Sanggeus Bima kapiuhan, awakna tuluy dipiceun ka sumur Jalatunda anu eusina pinuh ku mangpirang oray nu matih peurahna.
Ngan ku pitulungna Batara Dadungnala,
Bima salamet tina bahaya pati. Malah, ti saprak harita Bima jadi kebal ku
mangpirang baruang (racun) nu sakumaha matihna gé.
Sadar
usahana nyingkahkeun Bima téh gagal, pihak Kurawa nyieun deui tarekah
nyingkahkeun pihak Pandawa ku jalan ngaduruk balé Sigala-gala tempat sararé
Pandawa sarta Ibu Déwi Kunti. Ngan éta tarekah gé gagal deui alatan Pandawa
ditulungan ku Batara Naradha, Sang Hyang
Antaboga, jeung Yama Widura.
Sangkan
pacogrégan antara Kurawa jeung Pandawa teu terus lumangsung, para kokolot nu
diluluguan ku Resi Bisma jeung Yama Widura méré tarekah ka Déstrarata
sangkan Pandawa Lima dibéré leuweung geledegan nu katelah Wanamarta (Wana = Leuweung, (A)marta = Ngaran éta leuweung). Éta
bongbolongan téh disapukan atawa disatujuan ku Déstrarata, nya antukna
Wanamarta dipasrahkeun ka Pandawa.
Alatan
palaputra Pandawa mah punjul pisan dina sagala widang –kaasup widang Tata
Nagara-, tur dibantuan ogé ku sawatara Déwa jeung sobat-sobat Pandawa, dina
waktu nu singget maranéhna bisa ngarobah Wanamarta nu asalna leuweung geledegan
jadi hiji nagara atawa karajaan kalawan dibéré ngaran karajaan Amarta, tur boga puseur dayeuh atawa
ibukota nu dibéré ngaran Indraprasta.
Beuki lila Amarta beuki maju. Karajaanna beuki gedé jeung kuat, sabab loba
karajaan-karajaan leutik nu garabung ka Amarta.
Hal ieu
ngabalukarkeun rasa ceuceub Kurawa ka Pandawa beuki mahabu. Antukna, pacogrégan
dua pihak nu beuki gedé jaga di carita satuluyna bakal bubuara jadi perang
rongkah antara Pandawa Lima jeung Kurawa, katelah Perang Bharatayuda di padang Kurusétra.
(R Langga T. Pangestu, tina sawatara sumber)

Hyong belajar nyerat sunda!
BalasHapus